#soteh
Explore tagged Tumblr posts
Text
BUDI DAYA 13
- Euh atuh, ari jadi omong mah tangtu, da kaayaan nu kitu pagawean nana manusa, goreng ku gorengna, hade ku hadena teu weleh jadi tutur catur, buah carita, goreng dipojok hade dipojok, mana palebah dinya kuatkeun Iman urang, sing bisa tirakat ngetan,
- lain ngetan ngakan ketan, atuh eta mah matak mejen, tapi siloka ngetan hartina sing kuat ku kapanas hate,
- tapi umum oge ari beunang mah geura tungtun bae, pecak-pecak elmu urang geura tembongkeun ibarat konci, pecak asupkeun, tapi lamun sakira sereg mah entong dipaksa , temahna matak rujad duduluran,
- sing emut ka saurna Dewa Brahma ka Sidarta Kapilawastu nyebutkeun kana tujuan Buda Sidarta,
- yen lamun kabeh manusa cara manehna, tangtu alam dunya moal rame, sarta kumaha jawab Sidarta ?
- Kuring teu rek ngomean nu embung, tapi arek soteh ngomean nu daek kalawan anu geus hirup akal pikirannana katut perasaannana.
- saha ari Guru mursid, nu aya di badan urang.
- Ari nuduhkeun mah teu bisa, da sa-enyana sing saha oge susah, ka ngaranan boga Guru mah kudu geus bisa guguru.
- ngan asal ngartos bae, keun bae guguruna mah malah mandar saeutik- eutikeun tiasa.
- Kiyeu eta mah, ari sa-enyana guru mursid mah taya lian anging sifatna Alloh, sabab ngan sifatna Alloh anu bisa akrob jeung Alloh jeung Rosulluloh teges bisa lumebet lahirna ka Baetulloh, batinna Baetal ma'mur.
- Nya-eta
Kudrat, Iradat, Ilmu, Hayat, Sama, Basar, Kalam
- atawa Sara jeung Rasa,
- atawa Rahman jeung Rahim,
- atawa Jirim jeung Jisim,
- jadi kanyataannana mah nya ieu, Muhammad Majaji jeung Muhammad Hakeki.
- Lahirna urang diajar ku majaji kalawan pangawasa Pangeran, urang jadi loba kanyaho, guna pangartina;
- batinna diajar ku hakeki kalawan Kudrat, Iradat Pangeran, urang jadi boga perasaan guna kaluhuran budi.
- ibaratan na ku isarah supados jelas ngartina.
- Kiyeu tah
- hiji awewe salaki, upama ngumbara ka negri Walanda, diditu cunduk ka waktu ninggang ka mangsa eta jelema teh boga anak, anakna geus tangtu adat tabeat kalawan basana nu ilahar dipake didinya, malah kadaharannana oge tangtu kadaharan nu aya didinya
- tah ku rarasaan eta budak mah manehna teh bibit urang Walanda,
- kabetahan karasa taya wates wangena.
- Tapi sanggeusna akir baleg sarta geus boga kanyaho, manehna kakara ngarti yen manehna teh asal urang tanah Jawa, ngajuru salebet ngumbara
- ayeuna eta budak salin perasaan, keukeuh cumantel hayang bisa mulih ka Jati mulang ka Asal
- tegesna hayang bisa balik ka nu diibaratkeun tanah Jawa tea.
- Tah ku margi eta, ku ka mistian mah anu baris ditanya ku eta budak teh, teu aya deui anging Indung Bapana,
- da ngan eta nu wajib dicukcrukna
- ngan eta nu jadi Guru Mursidna,
urang ge nya kitu
- geura kanyahokeun bae "Rohmani Rohim"
- da eta nu asal tina Datna Gusti.
- Ngan ayeuna etang-etang panutup, gampil kapayun urang teraskeun deui .
- Ibarat cai, ku kaayaan geus jadi ijs (es), upama disidikeun es teh bet cai wungkul,
- kitu deui badan urang, upama di sidik-sidik mah Jas-mani teh Rohmanian,
- Roh-himna berguna keur ngarasakeunnana .
- Atuh ayeuna mah ibarat keur jadi es, ulah resep dibungkus ku tai ragaajian bae, jeung ulah ngahayoh neangan raga-jieun bae bisi urangna (es teh caina ngahiji jeung RAGA-JIEUN).
- Hartina mah sukma urang ulah akrob jeung raga-jieun (stoffen),
- tapi samistina upami urang hayang ngahiji sareng Alloh nyalindung bae atuh ti ayeuna keneh kana wujud anu sarae, moal salah deui lugayna jasmani teh ROHMANIROHIM (sifat nu nyipatan) ka urang bakal kana Dat-na deui .
- Es nyalindung ka cai, leungit es jadi deui cai .
- TA'UDZ atuh,
anu tangtu bakal aya di-nu di-salindungan .
1 note
·
View note
Text
ITIKAD PAMULIHAN
-Kumaha anu itikadna hoyong mulih teh mung dugi ka semet Sawarga ?
-dugi ka dinya oge parantos untung, syaratna oge anu kitu beuratna, sok sanaos dugi ka dinya teh hartosna mulih kana Ciptaana Alloh (Makhlukna) henteu mulih ka Nu Nyipta na ( WA INNA ILLAIHI ).
-Ke palebah Ni’mat (Sawarga) dina waktu maot, lebah mana karaosna ?
-tah Eta palebah Sakarat, kuduna urang teh ngaraos rebu-rebu ni’mat kedah persis anu karaos ku Ibu–Rama kapungkur nalika saresmi sapatemon.
-Tah dipalebah dieu Hakekat Wat Sirotol Mustakim teh.
-Tegesna jalan anu bener Paturayna Nyawa sing Nepi kana Laratan Dzat – SifatNa Alloh.
-nu kumaha nu Maot kenging kani’matan nuju Sakarat teh ?
-Nya anu nuju di Dunyana mendakan Elmu na,
-nyaeta Elmu Kasampurnaan.
-Kumaha upami nuju di Dunyana henteu mendak jeng Elmu Kasampurnaan
-Nya atuh sawangsulna tina ngaraos ni’mat sarebu lipet ngarasakeun kanyerian, persis anu karaos ku Ibu dina waktos harita babar atanapi ngalahirkeun.
-Renghap ranjug, ti bubunceulik, juba jebi, adug lajer, lurak lirik neangan jalan Poekeun.
-Tadi yen anu mulih teh Rasa na atawa Nyawa na.
-Tah Rasa (Nyawa) anu maot teh kamana jigna ?
-Kieu eta mah, pangbalikan urang teh Pangbalikan Rasa ti Dunya mulih deui ka Rasa Kapungkur.
-Pangbalikan teh aya 3 (tilu) perkawis :
1.Balik ka HAK NA ADAM
2.Balik ka HAK NA MUHAMMAD
3.Balik ka HAK NA ALLOH
-Jadi, engke dina maot mah, anu nangtukeun teh kumaha katerang Elmu na.
-Upami Elmu na (Katerangna) ngan semet tuturut munding, ibadahna luak leok, ngalakonan soteh bakat ku era ku batur, kurang suhud, kurang Haqul Yakin, muhit ukur ka barang dunya,
-atuh tangtu dina waktu Sakaratna eta Rasa (Nyawa).
-Imanna teh kana Dunya
-nya Nyawa na kontak sareng barang Dunya.
-Upama kitu tangtu balikna ka dunya deui. (Balik ka Hakna Adam ).
-Eta mah kumaha pamuhitannana, kana bagong, Oray, Maung, Monyet jsb.
-Upami Rasana (Nyawa) kontak sareng asal Nur Muhammad, -tangtu bakal nyumponan kana basa Mulang ka Asal (Balik ka Hak na Muhammad ),
-didieu tetep langgeung dina Ni’mat (Sawarga) tea.
-Upami Rasa na (Nyawana) kontak sareng Bahrul Hayat (Sagara Hirup), - tangtu nyumponan kana basa Mulih ka Jati (Balik ka Hak na Alloh). -Mulih deui kana Rasa kapungkur, Rasa Alloh tea (Rosululloh). -Henteu aya naon-naon, anging Alloh anu Langgeung Jumeneng-Na.
-Kitu tah nyanggakeun hoyong nu mana ?
-ari Nyawa kaluarna tina Wujud teh kana naon ?
-Ari saur Kitab mah kaluar na Nyawa tina kurungan teh tina Embun-embunan
-upami Nyawa kaluar tina kurungan (wujud) mah atuh panginten masih kakurungan ku wangunan Alam Dunya,
-Hartosna mulih deui kan Hak na Adam ?
-upami kitu mah tetep di Alam Dunya di pangumbaraan.
-Leres kitu eta teh saur Kitab Nyawa kaluar tina wujud ti Embun-embunan, margi henteu kapendak jalan ka Akherat asal tadi.
-Jadi ngarasa poek, ka hijab (kapindingan) teu katembong heug bae nyasab.
-Rasa na oge pasti eungap lila-lila mah bitu (kawas ban anu kaleuwihan teuing ngompana). -Anu mawi pantes Nyawa bijil norobos tina wujud kana Embun-embunan. -Anu kitu tetep dina Hak na Adam.
-ari Nyawa anu sampurna nu kumaha eta.
-Mungguh Nyawa anu sampurna mah teu kaluar oge teu tetep, da basana oge sampurna.
-Ari sampurna teh Seep bersih.
-Ibarat damar atawa lampu cempor seep minyakna, seep hurungna, seep panasna, nya pareum beresih teu aya sesana.
-Supados langkung jelas kieu :
1.Hurungna ibarat Kahayang na
2.Panasna ibarat Rasa na
3.Minyakna ibarat Roh na
-Sadayana seep/bersih teu aya anu kakantun, mulih deui kana asal na nyaeta Nur Muhammad sareng ka Nur Dzat (Nurulloh).
-upami basa sampurna kitu, naha ngan seep bae? sapertos asal na tadi teu aya ngeunah sareng teu ngeunah.
-ari cara kapungkur samemeh turun ka Dohir, teu aya ngeunah sareng teu ngeunah mah, atuh sami sareng martabat sato, anu teu kabagean Sawarga sareng Naraka (Ngeunah sareng henteu ngeunah).
-Margi saur Dalil oge pikeun sato mah
“ KUNTU TUROBA”,
hartosna :
Asal henteu aya jadi aya, ke balik deui kana teu aya. Anu mawi teu katetepan Agama.
1 note
·
View note
Text
Carnacki’s Guests
William Hope Hodgson’s Thomas Carnacki stories are told in the guise of an occult detective recounting his recent cases to his dinner guests. Since the narrative focus is on the cases themselves, little is known about these dinner guests. I collected what little is known. The abbreviations I used for the story names are provided at the very bottom of the post.
The guest’s names are Arkright, Dodgson (the narrator), Jessop, and Taylor. Carnacki tends to refer to them with “chaps” or “fellows,” implying that all or most of the group are masculine. Therefore, I use he/him pronouns below, but feel free to draw your own conclusions. Here is what I found from Carnacki’s words and their own:
Arkright:
knowledgeable in the occult; in HJ Carnacki says “You’ve dipped deeper into the science of magic than I have, Arkright.” The specific occult question he asks in WR backs up this point.
calls Carnacki a weirdo (he says “Queer chap, that” in HJ, but I stand by my modernized adaptation)
has four speaking parts (WR, SotEH, HJ, F)
arrives last to dinner in HJ
Dodgson:
owns at least one gun; he remarks in GotM that he “had been buying a new gun.”
talkative and curious; along with having the most speaking parts, he also asks the most questions per speaking part.
describes Miss Hisgins as “extraordinarily pretty” in HotI; take from that what you will.
unfamiliar with the occult; along with frequently asking questions, Carnacki says “I sometimes wonder whether Dodgson there realises just how impossible it is to answer some of his questions” in Hog. He also describes Carnacki’s tales as always being “weird and extraordinary” in TI.
has sixteen speaking parts (twice in GotM, twice HAtL, twice in WR, four times in HotI, SotEH, thrice in Hog, HJ, Find)
either first to arrive to dinner (HotI, TI, HJ) or last to dinner (GotM, WR, Find); he even arrives late in WR
Jessop:
has no speaking parts
arrives second or third to dinner in HJ, perhaps with Taylor
Taylor:
has three speaking parts (WR, HotI, Hog)
arrives second or third to dinner in HJ, perhaps with Jessop
Other notes:
It is implied in WR that all or most drink wine and smoke cigars.
In TI, the group is described as a “strictly limited circle of friends.”
In TI, it says “Not one of us willingly missed” Carnacki’s invitations to dinner, implying that a member has missed in the past, though all are present in the cases for which there are stories.
In TI, Dodgson says that the group always leaves Carnacki’s house “fearful even of our own shadows,” implying that at least Dodgson is often scared by Carnacki’s tales.
Abbreviation Key: “The Gateway of the Monster” = GotM. “The House Among the Laurels” = HAtL. “The Whistling Room” = WR. “The Horse of the Invisible” = HotI. “The Searcher of the End House” = SotEH. “The Thing Invisible” = TI. “The Hog” = Hog. “The Haunted Jarvee” = HJ. “The Find” = Find
#ford’s featured fun facts#thomas carnacki#carnacki the ghost finder#william hope hodgson#classic lit#classic literature
6 notes
·
View notes
Photo

Soteh is a beast! Check this out! http://fingersonblast.com/blog/2014/12/21/brilliant-piece-by-soteh.html
0 notes
Note
Hey! regarding the dany appreciation week, are the prompts in order? I mean, if I want to post sotehing related to, say, loyalty, do i have to post it on satrday or can i post it any day of the week? I hope this makes sense, thank you!
You can post any of the prompts on any day of the week! There is no set order to when you post. We want to make it as flexible as possible.
7 notes
·
View notes
Text
HGOLY SHIT I JSUT RELASIDED SOTEHING
ONCNE I GET PAID I CAN AFFODR A FUKCING SOWRD
4 notes
·
View notes
Photo

GCE 2021 GIVE AWAY 🚨 Who God don bless O Make no man no curse O If no be God O Na who a go praise O SUNDAY BLESSINGS 🙏❤️ If you be write GCE 2021 soteh make am pls Drop a comment for this same post for ma Facebook page “ Olatokay ” and WIN instant 5K MTN momo. I know it’s small but just to celebrate your success with you 🍻❤️. #Olatokay #YamonianPresido✍️ https://www.instagram.com/p/CS3rslKtksv/?utm_medium=tumblr
0 notes
Text
OUR DEMOCRACY GET K-LEG

from may 29 to June 12; We still dei where we were
Our Democracy still get K-Leg, Naija Jungle don mature soteh nah animals dem dei do corruption pass senator, reps and dem minister.
Our democracy don get two K-Leg, One na dem polithiefians for Aso weh dem face no dei show for crime fighter; The other one na men dem for akpanti weh still Maggi. Our democracy still get K-Leg; North and southern…
View On WordPress
0 notes
Text
BUDI DAYA 13
kahusuan agama .
supaya khusus kana solat, supaya entong sok utrak-atrok.supaya bisa babarengan sareng jirim sareng jisim ?
- Ari nu disebut solat teh naon ?
Sumembah ka Maha Suci.
- naha urang Geus bisa sumembahna ?
kedah kumaha supados tiasa tauhid.
- Samemeh diterangkeun patauhidan solat, urang kedah ngartos heula, kana wincikannana, naon nu matak urang sok ngalakonan waktu, sembahyang di saban-saban mangsana.
- Ari gelarna agama disebat pagawean.
- Tah yaktos pisan pangna disebatna pagawean, tah urang teh rek ngagugulung pagawean atawa arek digawe.
- Kapan eta oge digawe ku kalimahna
kalawan prak nangtung, lungguh, ruku, sujud,
- jeung paneda anu nyumponan cara-carana.
- urang wincik
- Mimiti nu diaos Adzan, Muji ka Allah nu sifat Akbar.
- Naon hartina Akbar ? Agung,
- jadi teu aya deui nu agung salian ti Maha Suci.
- naha parantos terang kalawan percayana yen Allah teh Agung ?
- Kantenan terang kalawan percanten 100 % yen Maha Suci teh kalintang agungna
- Tah geuning mun parantos terang kalawan percaya mah parantos bae tong di omomg-omong keun diapalkeun unggal solat,
- da puguh Maha Suci mah geus tetela agungna, jembarna, kawasana,
- geus teu kedah deui di puja-puji da sadaya puji oge kagungannana,
- urang oge kapan usik malik pupujian oge ku pangawasa Anjeunna keneh,
- tah parantos kitu ngaos naon, tapi ulah salah paham, lain rek nyarek make kalimah eta,
- ngan gera prak kalimah anu diucapkeun teh geura lampahkeun !
- saparantos kitu urang ngaos yen teu aya deui anu disembah anging Allah
- naha Parantos terang ayeuna yen nu wajib disembah anging Allah,
- atuh geura prak, sagala ulah tuturut munding,
- ari prak mah teu acan keneh, taya deui nu wajib disembah anging Allah
- na kumaha eta nu parantos nyembah ka Allah ?
- kade kalieuran
- sugan teh sumembah ka Allah teh biasa bae ku omongan jeung pupujian.
- Enya kitu tea mah kapan eta mah ngan ngabejaan,
- tegesna nitah soteh kana prakna lain nitah ngalelewe,
- eta pang pentingna (voornaamste)
- kalimahna naon ?
1 note
·
View note
Conversation
Asih
Laut : Asih teh tan wates wangen kan? Geuning aya keneh rasa timburu.
Layung : Tebih ngahontal asih mah. Lalampahan panjang. Teu cukup ukur ku gereget jeung manah nu kekejotan. Asih lain perkara sataun dua taun.
Timburu hartina cinta. Cinta salaku titik pamiangan nu tujuanna sagara Asih.
Mun hayang apal asih, tangtu bakal ngarandapan cinta nu aya di sahandapeunana.
Beurat asih teh. Lain ukur ungkara mamanis lambe. Simbolna oge Surya. Nu caang saendeng endeng. Ulah maksa hate sina eureun timburu, keun sailaharna. Wajar timburu mah. Ulah soteh kaleleban jeung salah nyokot tindakan, kudu ka saha cinta teh ragragna.
4 notes
·
View notes
Text
DZAT-SIFAT-ASMA-AFAL
-ieu Wujud teh barang anyar?
anyar soteh Isbat-na (ayana bukti), da tadina mah barang Nafi tea, -Nafi – Isbat jadi hiji.
-Upami ieu Wujud leres barang Nafi, naha atuh sok ruksak atawa buruk di Kuburna ?
-Tiasa bae buruk, bau, upami ieu Wujud diangkeun Wujud Manusa.
-sing ngartos ieu mah sanes Wujud Manusa, tapi Wujud bukti dadamelan Alloh Ta’ala, tempat sareng parabot pikeun nyumponan sagala karep Manusa.
-Supados teu lieur, cing upami urang hoyong ka Jakarta, naha ieu Wujudna anu hoyong ka Jakarta teh? atawa Manusa na?.
-Panginten anu hoyongeun mah Manusa na atawa Rasa na .
-Tah geuning ngartos, leres eta Rasana.
-ngan eta kahoyong Rasa teh tiasa dugi moal upami henteu disarengan ku Wujud ?
-Bujeng-bujeng kanu tebih sanaos kanu caket oge, moal tiasa upami henteu disarengan ku Wujud mah.
-Atuh sawangsulna panginten Wujud oge moal tiasa indit upami henteu ku
Dzat – Sifat – Asma.
-Tah di palebah dieu Akrobna Alloh sareng Manusa teh !
-Saur Hadist oge :
SAGALA KAREP MANUSA, MOAL JADI LAMUN HENTEU DISARENGAN KU ALLOH.
-Sareng palebah dieu karaos henteu pilih kasihna Alloh ka papada Manusa teh rata pada dipasihan Wujud, mangrupa
‘ Kanyataan Af’al- Na Alloh.
-Pikeun ngabarengan sareng ngajadikeun kana saniskara Karep na Manusa.
-Cing pan bukti ieu eusi Alam Dunya boh imah gedong, kendaraan, listrik, radio, TV, katuangan, kalengkepan kasehatan, kalengkepan ibadah jsb.
-Eta teh teu aya lian anu kagungan Karepna mah Manusa, dijadikeunana nya ku Wujud (Af’alulloh).
-Tah kitu deui kanggo eusina Alam Akherat oge, boh Sawarga, boh Naraka, nya ku hasil karepna manusa sareng padamelan Wujud nuju di Alam Dunyana.
-Anu mawi da ari Alloh mah Tetep Suci, teu ngalap paedah (imblan/ngancam) ngadamelna Manusa teh, henteu bade ngaganjar henteu bade nyiksa, kasakabeh manusa oge.
-Palebah aya Sawarga sareng Naraka, Alloh mah mung nyadiakeun wungkul pikeun hasil karepna manusa, sareng padamelan Wujud (Af’alulloh).
-Kusabab kitu, sing atos-atos ngagolangkeun ieu Wujud teh da ieu teh Amal Nu Maha Suci.
-Ulah gagabah ngagunakeunnana, anggo amal ibadah bari disarengan ku soleh hate, suci ati (suci tekadna, suci ucapna, suci lampahna).
-Ulah diangge Sirik, pidik, jail, kaniaya, goring sangka, ujub, ria, takabur jeung munafek.
-Ulah diangge Ngumpat simuat, geureuhan, songong, sugal jsb.
-Ulah diangge Lampah maksiat ( 5 M) : Maling, Maen, Madon (Lacur), Mateni (Maehan batur).
-Nu mawi Alloh ngayakeun Kitab Al-Qur’an oge, eta pikeun Ukur- ukuran (anggeur-anggeuran) laku Manusa.
-Jadi Qur’an teh lain keur ngahukum batur, tapi ngahukum dirina (anu macana).
-Kapan parantos diugerkeun ku “ AMALUNA AMALUKUM”.
-Dina salah sawios Hadits oge dijelaskeun :
HASYIBU ANFUSYAKUM QOBLA TUHAASYABU, AWZINUU ANFUSYAKUM QOBLA AN’TUWZANUU
- Anu hartosna :
Hisab awak maneh (sorangan) samemeh jaga dihisab.
Sarta timbang amal maneh (sorangan) samemeh jaga ditimbang.
1 note
·
View note
Text
DIRI PRIBADI
WAJIB MA’RIFAT KA ALLAH TA’ALA Ari ma’rifat ka Allah ta’ala teh wajib di sakabeh jalma mukalaf, tegesna jalma anu geus aqil baligh, eta wajib teu meunang henteu, karana aya dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad shalallohu ‘alaihi wassalam kieu : Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala Sundana : Awal –awal Agama eta kudu nyaho heula ka Allah ta’ala, sababna pang kudu nyaho heula teh, supaya manusa enggoning ngalakonan ibadahna syah ditarima amal ibadahna ku Allah ta’ala, sabab tadi oge amal teh kudu kalawan ilmu, upama teu kalawan ilmu batal, tegesna teu jadi, samangsa-mangsa teu jadi tangtu moal aya mangfa’atna pikeun di Akherat ngan ukur keur di dunya wungkul. Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh kanyaho, tapi lain kudu nyaho kana syara, syahna batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho (ma’rifat) ka Allah ka Rasulullah, sabab eta teh ibarat tempat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea, ulah teu puguh sokna. Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpulkeun papaes imah, saperti meja korsi lomari jeung salianna, ari ma’rifat ka Allah ibarat urang ngabogaan imah anu pageuh anu gede, nyaeta supaya eta barang-barang nu beunang hese cape teh merenah puguh tempatna, betah ngeunah dicicingannana, karana sanajan boga barang loba sarta aralus hargana mahal, upama teu boga tempat (imahna) rek dimana diteundeunna? Naha rek sina pabalatak di buruan, di pipir-pipir, atuh cicingna oge piraku rek aya kangeunahannana, da meureun kapanasan kahujanan, keur mah teu ngeunah dicicingannana teh, barang-barangna oge tangtu babari ruksak, moal tulus jadi kani’matannana. Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun engke balik ka Akherat, atuh beuki wajib ma’rifatna ka Allah ta’ala teh, sabab pikeun tempat pangbalikan tea. Upama teu dikanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang engke kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maut mah geus moal aya tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge, sabab ceuk Hadist upama urang lolong tegesna teu nyaho ka Allah ka Rasulullah ayeuna keur waktu di dunya, engkena di Akherat tetep lolong bae, samangsa-mangsa lolong tegesna poek di Akherat, atuh beubeunangan urang ti dunya anu beunang sakitu hese cape teh, rek dibawa kamana? Ku sabab teu bisa datang ka Allah, kana asal urang tadi sarerea, palangsiang babawaan teh bakal dibawa utrak-atrok, dibawa asup ka enggon Siluman, babawaan urang dijieun kakayaan di Nagarana, urang di jieun badegana, ku sabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya, kudu ikhtiar kudu tiung memeh hujan, tegesna kudu nganjang ka pageto, nyaeta kudu bisa paeh samemeh paeh, karana lamun teu bisa paeh heula sajero hirup, moal nyaho ka Akherat karana nyaho ka Akherat teh kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge : Antal mautu qoblal mautu Jadi gening Akherat atawa asal urang teh, kudu dikanyahokeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab deui, paeh pulatat-polotot, jeba-jebi, larak-lirik neangan jalan. Jalan-jalanna Ma’rifat ka Allah Ta’ala Ari jalan-jalanna ma’rifat ka Allah ta’ala nyaeta aya dua jalan, aya nu ti handap ka luhur, jeung aya nu ti luhur ka handap. Ari anu ti handap ka luhur, nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab Qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh ibadah keur jalan ma’rifat ka Allah ta’ala, tapi hanjakal lolobana mah tara ditepikeun kana ma’rifatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa ni’mat dina Pal Nunjukna (papan merk nu nuduhkeun tempat), padahal upama diteruskeun ma’rifat kana dzatna sifatna Allah ta’ala, piraku teu undak kani’matannana, da gening karek dina asmana wungkul geus sakitu kani’matannana. Ari jalan anu ti luhur ka handap, nyaeta anu nyumponan dalil tadi Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala, jalanna lain tina masantren wungkul, tapi kudu jeung ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat, kalawan jeung ikhtiar neangan pigurueunnana, Guru anu Mursyid, sabab moal weruh tanpa Guru, ku sabab eta mana ku urang kudu disusul? Teu aya deui lian ti tarekatna Wali nu kudu disusul, sabab eta anu bisa tepi ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Jauhar Awwal tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya leleberannana pikeun urang sarerea, sababna tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala. Ku sabab kitu atuh hayu urang pada teangan ku sarerea eta tarekat wali teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih, tangtu urang moal barisa balik deui ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa nitis-nitisan, balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak deui, moal bias nyumponan kana dalil : Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji’uun Sundana : Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah. Ku sabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh, pada-pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna ka alam dunya, tapi kusabab dalilna kitu, gancang bae ngaku yen urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sasemet biwir bae, kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur kafir karana henteu percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti ku sabab teu karasa. Kusabab eta ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang tadi asal ti Allah kieu katerangannana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku akal. Mimiti urang tumarima asal ti mana? – Nu kaharti jeung ku umum, urang asal kaluar teh ti Indung. Teruskeun deui papay ka luhurna, ari Indung asal ti mana? Tangtu Indung urang teh kaluar ti Nini. Ari nini asal ti mana? Teu salah deui asal kaluar ti Buyut. Ari Buyut asal ti mana? Tangtu kaluarna ti Bao. Ari Bao asal ti mana? Nya asalna kaluar ti Janggawareng. Ari Janggawareng asal ti mana? Tangtu kaluar ti Udeg-udeg. Ari Udeg-udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti Kakait Siwur, saterusna kitu bae, ti Indungna deui, ti Indungna deui nepi ka Babu Hawa. Ari Babu hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk Hadist asalna Babu Hawa teh asal tina iga burungna Nabi Adam. Ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist, asalna Nabi Adam teh tina aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin. Ari aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist asalna tina Nur Muhammad, cahya opat perkara : 1. Cahya Hideung hakekat Bumi 2. Cahya Bodas hakekat Cai 3. Cahya Koneng hakekat Angin 4. Cahya Beureum hakekat Seuneu Ari Nur Muhammad asal ti mana? Eta oge diterangkun ku Hadist asalna tina Nurna Maha Suci, nyaeta tina Jauhar Awwal, tah semet eta buntu. Sabab geus diterangkeun ku Hadist jeung Qur’an, eta Jauhar Awwal teh bibitna tujuh Bumi tujuh Langit, saweruh eusina kabeh. Jadi, ana kitu ceuk dalil asal ti Allah nyaeta asal ti dinya tina Jauhar Awwal tea. Sifatna caang padang, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci, kakara jeneng Asma Allah. 1. Cahya Beureum jadi hakekat lafad Alif 2. Cahya Koneng jadi hakekat lafad Lam awal 3. Cahya Bodas jadi hakekat lafad Lam akhir 4. Cahya Hideung jadi hakekat lafad He 5. Johar Awal jadi hakekatna Tasjid Kitu katerangannana, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh nu disebut Ismudzat tea. Hartina Dzat laisa kamishlihi atawa Asmana nu Maha Suci, ceuk anu Ahli Padzikiran mah Latifah tea. Tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya, nu matak kacida wajib dikanyahokeunnana ti ayeuna. Geura susul tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana eta Dzat Sifatna Allah ta’ala, sing kapanggih jeung hakekatna Tasjid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi. Tah eta kunci Muhammad anu bakal bisa ngaburak-barik hijabna ka Allah ta’ala. Upama kapanggih Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana babasan Mulih ka Jati, Pulang ka Asal, nyaeta mulih ka jati teh, rasa jasmani anu ayeuna keur dipake balik deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurullah (Jauhar Awwal). Ari pulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asalna deui, nyaeta ngajadi Nur Muhammad cahya opat rupa deui, Beureum Koneng Bodas Hideung. Samangsa-mangsa balik ka asal, nya ngaranna sampurna hartina beak beresih beak rasana beak jasmanina. Mimitina Mun Rek Neangan Pangeran Aya dawuhanna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam : Man tholaba maulana boghairi nafsihi faqad dolla dolaalan ba’ida Sundana : Saha-saha manusa neangan Pangeran kaluar tina dirina sorangan, mangka temen-temen eta si jalma kasasar. Karana dina tekadna ngarasa jauhna jeung Allah ta’ala, padahal aya dalilna : Wa nahnu aqrobbu ilaihi min hablil warid Sundana : Aing geus teu aya antarana deui jeung maraneh sakabeh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung maneh pribadi oge, masih keneh deukeut keneh maneh jeung Aing. Nu matak manusa leuwih dimulyakeunnana ku Allah ta’ala kapan ceuk Hadistna oge kieu : Wa laqad karomma bani Adam Sundana : Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam. Malah aya deui dalilna : Laqad khalaqnal insaana fii ahsani taqwiim Sundana : Manusa teh pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhlukna Allah ta’ala. Geura lamun maneh geus nyaho kaayaan dina sajero diri maneh sorangan, tangtu engke ngarasa kaahengannana nu aya di badan sorangan. Aya deui dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alihi wassalam : Man ‘arofa nafsahu faqad ‘arofa robbahu Sundana : Saha-saha anu geus nyaho ka dirina sorangan geus tangtu nyaho ka Pangerannana. Wa man ‘arofa robbahu faqad jahilan nafsahu Sundana : Jeung saha-saha anu geus nyaho ka Pageran, tangtu ngarasa bodo dirina, karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu di daya upayakeun ku Pangerannana. Sidik ieu Si jasad teh jadi rokrakna, anu matak urang kudu ngaji teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng kapan ceuk Hadist oge kieu : Iqra kitabaka kafa binafsika alyauma ‘alaika hasiba Sundana : Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng, nyaeta kudu ngaji kitab langgeng anu aya dina diri maneh sorangan, geura teangan Qudrat Iradatna Pangeran dina diri sorangan, karana leuwih nyata kakawasaannana Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata hirupna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata tingalina Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata danguna Pangeran teh dina diri sorangan, sarta leuwih nyata pangandikana Pangeran teh dina diri sorangan, karana ceuk dalilna : Wa huwa ma’akum ainama kuntum Sundana : Allah ta’ala teh ngabarengan bae ka umat-umat sakabeh, dimana bae maneh aya, di dinya Aing aya, tapi sategesna ngaran dibarengan ku Allah ta’ala teh nyaeta, ku Qudrat Iradatna jeung ku Ilmuna, kapan sidik dina sifat dua puluh oge geus ngarangkep-rangkep sapert : Hayat jeung Hayan Hayat hartina Hirup Hayan hartina Nu hirup Sama jeung Sami’an Sama hartina Dangu Sami’an hartina Nu ngadangu Bashar jeung Bashiran Bashar hartina Ningali Bashiran hartina Nu ningali Kalam jeung Mutakalliman Kalam hartina Ngucap Mutakalliman hartina Nu ngucap Qudrat jeung Iradat Qudrat hartina Kawasa Iradat hartina Keresa Naon nu kawasa di diri urang teh? Teu aya deui lian ti Hirup, buktina gening bisa usik. Iradat hartina Keresa, nyaeta buktina : Panon bisa ningali Cepil bisa ngadangu Baham bisa nyarita Pangambung bisa ngangseu Tuh gening bukti, sidik teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan kari neangan barangna bae, siga naon sifatna Qudrat atawa sifat Hirup teh? Wajib pisan kapanggihna supaya bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya ceuk beja kudu nyaho ceuk sorangan. Nerangkeun Hartina Iman jeung Ma’rifatna (Iman hartina Percaya – Ma’rifat hartina Nyaho) Geuning beda Iman jeung Ma’rifat teh, ana kitu atuh urang percaya ayana Allah ta’ala teh kudu jeung nyahona (ma’rifat) upama mun teu jeung sidikna mah tangtu Imanna Iman Taqlid, jadi ngakuna percaya ayana Allah ta’ala teh ceuk beja ti batur, atawa meunang beja ti kitab bae. Jadi anu kitu faham teh meh sarerea. Iman ka Allah teh semet percaya kana ayana bae, pedah aya dadamelanna Bumi jeung Langit. Atuh ana kitu mah sumawonna nu nyekelan Agama Islam, kapan anu nyekelan Agama sejen-sejen oge pada percaya kana ayana Allah ta’ala mah, atuh naon bedana Agama Islam jeung Agama-agama sejen? Pedah eta kitu Agama Islam mah aya rukuna, Syahadat, Shalat, Zakat, Puasa, Munggah Haji? Kapan dina Agama sejen oge aya Syahadatna , pada aya Sholatna, ngan beda pertingkahna jeung basana wungkul, maksudna tangtu sarua. Kapan tadi Agama Islam teh pang luhung-luhungna ti Agama-agama nu sejen da kapan kieu dalilna oge : Al insaanu sirri wa anna sirruhu Sundana : Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, Allah Haqna Muhammad. Tah kitu, anu matak Agama Islam disebut pang luhur-luhurna teh, lantaran pang parek-parekna ka Allah ta’ala, moal aya allah lamun teu aya Muhammad, moal aya Muhammad lamun teu aya Allah. Sategesna moal aya Sifat lamun teu aya Dzat, moal aya Dzat lamun teu aya sifat. Anu matak Kangjeng Rasulullah disebat Panguluna Rasul, jeung disebut Babuning Roh sakabeh, jadi Agama Islam pang disebat luhurna teh, nyaeta ku sabab aya haq ma’rifat ka Allah ta’ala. Kapan bukti Mi’raj, barang beh dieuna mah Kangjeng Gusti Syarif Hidayatullha Wali Kutub Cirebon, Mi’rajna teh tiasa tepang sareng hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam, nyaeta anu kasebut Jauhar Awwal tea, tegesna sifat nu Maha Suci. Saur para Wali mah Sajatining Hirup atawa Sajatining Syahadat, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci. Jadi, sanajan urang oge upama bisa kapanggih mah jeung Tarekat Wali, Insya Allah bisa tepang sareng Hakekatna Rasulullah. Samangsa-mangsa geus bisa tepung jeung Hakekatna Rasulullah, kakara urang diaku umatna. Samangsa-mangsa geus diaku umat Rasulullah, Insya Allah engke bakal dicandak kana kasalametan Anjeuna, nyaeta kana Kasucian. Upama teu acan kana hakekatna, tetep teu acan syah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karana dina rukun syahna maca Syahadat oge geus diterangkeun dina kitab : Kudu netepkeun heula Dzatna Allah ta’ala Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala Kudu Sidik heula ka Rasulullah Tah gening kitu maca Syahadat teh, gening kudu sidik heula ka Rasulullah, sabab kumaha bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah, upama teu acan nyaho (ma’rifat) kana sifat-sifatna. Sabab, bisa netepkeun teh, kudu puguh heula barang-barangna anu ditetepkeunnana. Gening kitu satemen-temenna maca Kalimah Syahadat teh, lain darapon nyebat bae, karana ari darapon nyebut bae mah, budak lembut oge pada bisa. Nu matak wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah, ibarat maca programma bioscoop anu rame, tapi teu jeung lalajona, naha jadi kani’matan ka urang? Kitu deui sanajan teu maca programmana, tapi lalajo datang kana tempatna eta bioscoop, naha utama mana? Utama anu maca programmana tawa utama nu lalajona? Kitu deui dina bab Agama (Ilmu), nu ngaos atawa nu ngadangukeun kana ieu kitab, ulah gancang percaya, ulah gancang ngalain-lain, karana ieu zaman geus alur, pikiran jalma geus naraek, geus teu pati hayangeun dibobodo. Jalma ayeuna mah dina sagala rupa hayang karasa hayang yakin, sing inget kana babasan kolot baheula, Batu turun Keusik naek, teu halangan mungguhing kawenangan Allah, Si kolot jadi bodo, Si budak jadi pinter, jeung kudu inget mungguh Ilmuna Rasulullah teh aya opat pangkat, nyaeta: Ilmu Sare’at Ilmu Tarekat Ilmu Hakekat Ilmu Ma’rifat Dina zaman ayeuna mah ilmu ma’rifat anu diarudag-udag teh, hayang sidik ka Allah ka Rasulullah, da bongan aya dalil : Wa‘bud robbaka hatta ya’tiyakal yaqiin Sundana : Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin supaya syah Dzatna, syah Sifatna, syah Asmana, syah Af’alna. Enggoning ngumbara di alam dunya teh, sing tepi ka ngarasana teu papisah jeung Allah jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Allah jeung Rasulullah beurang peuting, sugan piraku urang rek goreng tekad, goreng laku saperti sirik pidik, jail kaniaya ka sasama makhluk, karana tangtu ngarasa isinna, lantaran ngarasa di poconghok beurang kalawan peuting ku Pangeran. Sagala hal moal disumput salindungkeun deui, jeung sagala hal kalakuan naon bae, moal make Ujub Takabur Riya, karana ngarasa geuning diri urang teh Hina Bodo Do’if. Bisa soteh jadi aya rizki pagawean bisa jadi, sihoreng kalawan pitulungna nu Maha Suci, nyaeta Qudrat Iradatna anu Kawasa. Jadi ayeuna oge bisa ditetepkeun, samangsa-mangsa jalma make keneh kalakuan Sirik Pidik Jail Kaniaya ka sasama makhlukna Allah ta’ala, boh dinu Ma’siat, boh di Lebe, boh di Santri, boh di Kyai pisan, ciri-ciri eta jalma tacan ngarasa deukeutna jeung Rasulullah sumawonna jeung Allah ta’ala. Samangsa-mangsa teu ngarasa deukeutna jeung Pangeran, tangtu laku jeung tekadna cicing dina Ujub Riya Takabur, sok ngaku aing pinter teu deungeun, ngaku bener aing teu deungeun, ngaku bisa ngaji aing teu deungeun, ngaku Islam aing teu deungeun. Jadi jalma kitu teh ngaku boga Qudrat Iradatna sorangan bae, teu narima kana Qudrat Iradatna Pangeran. Jadi ngarebut atawa mapadani kana kakawasaannana Allah ta’ala. Kapan teu gampang urang ngaku Islam, sumawonna taduh-tuduh ka batur, Si itu Islam Si itu Kafir. Karana Islam Kafir anging Gusti Allah anu uninga jeung nu baris netepkeunnan, kieu katerangannana : BAB ISLAM Ari tegesna Islam teh Suci, beresih tina sagala kokotor, naon anu ngajadikeun kokotor? Teu aya lian anging nafsu. Ku sabab eta saha bae jalmana di dunya nu teu boga nafsu? Sumawona di nu jalan ma’siat, sanajan dinu ahli Agama oge pada katetepan nafsu, komo deui anu make sirik pidik ujub riya takabur, sanajan nafsu hayang ka dunya oge geus kotor bae. Kieu katerangannana. Sategesna Islam teh teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina, malah keur sahiji teh Gaib. Nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur, tah eta anu teu katetepan nafsu teh, sabab tadi gening urang keur aya dina Allah Nur mah teu boga nafsu hayang nanaon. Kitu deui anu Islamna oge teu dua teu tilu, da ngan sahiji-hijina, nyaeta Kangjeng Rasulullah. Tuh gening jalma mah teu kabagean pangkat Islam, jalma mah ngan ukur jadi umat, sabab kudu nyaho heula ka Rasulullah jeung ngalakonan kana parentahna. Lolobana mah ngan ngaku-ngaku wungkul, sumawonna nyaho ka Rasulullah, kana parentahna oge loba anu teu ngalakonan. Kapan dina rukun Islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka Pakuburannana Rasulullah, jeung ka Baetullah, hakekatna kudu terang kana hakekatna Rasulullah jeung Karatonna Allah ta’ala nu aya di diri sorangan, kapan aya dalilna : Kullu ummatin wa rusulili Sundana : Dina sakabeh pada katetepan Rasulullah, hartina rasana Allah. Ku sabab eta perlu urang panasaran, wajib nganyahokeunnana kana hakekat Rasulullah nu aya di badan sorangan. Peupeuriheun jarah ka Mekah ka Madinah teu bisa, kapan tadi ge aya dua rupa Munggah Haji teh, Haji Majaji jeung Haji Hakeki. Haji Majaji nyaeta anu bisa jarah ja Baetullah jeung ka Madinah. Haji Hakeki nyaeta anu geus nganyahokeun kana hakekatna Baetullah jeung Rasulullah dina diri sorangan, karana rasulullah teu pupus. Upama pupus mah alam dunya ge moal aya, kapan gening Kangjeng Gusti Syarif Hidayat oge tiasa tepang di jalan tarekat. Jadi sanajan urang oge upama hayang jadi umat Rasulullah kudu bisa nyaho kana hakekatna Rasulullah nu kasebut Johar Awal tea. Sing kapanggih jeung tarekatna leleberannana tina para Wali. NERANGKEUN UMAT RASULULLAH Ari umat Rasulullah teh haq-haqna mah ngan aya opat, nyaeta : Sahabat Abu Bakar Sidiq, Radiallohu Anhu Sahabat Umar Bin Khatab, Radiallohu Anhu Sahabat Usman Bin ‘Affan, Radiallohu Anhu Sahabat ‘Ali Bin Abi Thalib, Karomallohu Wajhah Sabab eta anu opat nu sagalang sagulung beurang peuting jeung Rasulullah, sarta didamel Sahabat (utusannana Rasulullah), tapi ayeuna sarerea oge meureun terang yen eta Sahabat anu opat teh geus parupus majajina mah, tapi hakekatna mah teu pupus, aya di badan manusa, kapan Rasulullah oge hakekatna oge aya di manusa. Hakekat Abu Bakar nyatana Paningal Hakekat Umar nyatana Pangdangu Hakekat Usman nyatana Pangucap Hakekat ‘Ali nyatana Pangangseu Eta Paningal-Pangdangu-Pangucap-Pangangseu teh gaib kabeh teu aya rupana. Teh eta hakekatna Sahabat teh, anu matak eta Sahabat anu opat teh kudu nganyahokeun kana hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘alaihi wassalam, jeung kudu jadi hiji sing bisa ngarasa babarengannana beurang peuting jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa papisahna jeung Rasulullah, tetep jadi umatna. Tiap-tiap geus jadi umatna tangtu engke bakal disampurnakeunnana, didatangkeun ka Gusti Maha Suci (asalna), upama teu nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu ngarasa ngahijina engkena oge pipisahan bae, nyawa urang moal salah deui tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi Jurig, Setan, Siluman atawa nitis-menitisna deui ka jalma atawa ka sato. Samangsa-mangsa nyawa manusa balik deui ka dunya tetep bakal cilaka asup ka Naraka, engke dina Kiamatna ieu alam dunya, karana ayeuna nyawa-nyawa manusa anu marakayangan tegesna teu bisa balik ka Allah. Ceuk basa ayeuna mah keur di Preventief, aya di alam Barjah tunggu-tunggu Landraad, engke inget bakal aya landratan nu leuwih gede dina Walyaumil Akhiri (kiamatna ieu alam dunya). NERANGKEUN RUKUN IMAN ANU KAGENEPNA NYAETA Wal qodri khairihi wasirrihi minallohi ta’ala Sundana : Untung ala untung becik papasten ti Allah ta’ala atawa hade goreng ti Allah ta’ala. Lebah dieu urang percayana teh ulah kaliru, kudu dipikir dilenyepan karana tadi Gusti Allah teh sifat Maha Suci. Piraku anu suci make bakal nyiksa, make bakal ngaganjar engke di Akherat, jadi ana kitu mah Gusti Allah ngadamelna manusa teh ngalap faedah, kersana rek ngaganjar jeung rek nyiksa. Lamun kitu mah moal tulus sucina Allah ta’ala teh, tapi urang kudu percaya kana dalil, urang kudu percaya kana ayana Sawarga Naraka atawa ngeunah teu ngeunah engke di Akherat, karana ayeuna ge di dunya kembangna geus karasa. Aya ngeunah jeung teu ngeunah, tapi Sawarga Naraka teh lain ti Allah tapi sategesna tina tekad ucap jeung pamolah urang keur waktu di dunya, sabab tadi Gusti Allah ngadamelna manusa teh sakali jadi, henteu nungtutan deui, geus Kun fayaakun breg sama sakali cukup teu aya kakurangannana. Tapi maparin cukup teh nyaeta maparin parabotna wungkul, naon parabot ti Allah ta’ala teh? Nyaeta anggahota saperti leungeun dua, suku dua, panon dua, ceuli dua, irung, baham jeung nafsu anu opat perkara (Amarah, Loamah, Sawiyah, Mutmainna). Kieu dawuhannana Allah ta’ala lamun maneh hayang ka Naraka tegesna hayang kana teu ngeunah, prak bae migawe ‘ala, nyaeta migawe kalakuan anu goreng, da kapan geus sadia parabotna ti Aing, aya Amarah Lowamah Sawiyah. Kitu deui lamun maneh hayang ka Sawarga tegesna kana kangeunahan, pek bae geura migawe becik, hartina migawe kalakuan anu hade, da kapan geus sadia parabotna ti Aing nyaeta nafsu Mutmainnah. Tah kitu sategesna mah pang aya Sawarga Naraka di dunya sumawona di Akherat oge, beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang waktu keur di dunya, kitu deui beubeunangannana oge moal keur batur, tetep keur milik sorangan, ti dunya nepi ka Akherat. Jadi ku sabab eta ayeuna urang sarerea mangka ati-ati enggoning ngajalankeun parabot ti Gusti Allah teh. Kudu make budi jeung pamilih anu cukup, ulah rek ngagunakeun teuing parabot Amarah Lowamah Sawiah, kilangbara ari teu dipake pisan mah, atuh ulah loba-loba teuing, sakurang-sakurangna sing sama timbang jeung ngagunakeun parabot Mutmainnah. Karana sing awas, eta beubeunangan tina pagawean urang teh engke di Akherat ku Gusti Allah bakal ditetepkeun, sabeunang-beunangna tina pagawean urang ti pangumbaraan nyaeta di alam dunya, saboga-bogana moal pahili deui. Kumaha atuh akalna supaya urang bisa ngalobakeun parabot Mutmainnah? Teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka Rasulullah, tegesna ku ma’rifat, tiap-tiap geus ma’rifat tangtu bisa ngarasa babarenganna beurang jeung peuting jeung Allah jeung Rasulullah. Tiap-tiap geus ngarasa teu pisah, Insya Allah bisa hade, ibadahna kalawan syah Nagara ge tangtu aman. NERANGKEUN PASAL QUR’AN Ari Qur’an teh aya opat perkara : Qur’anul Majid Qur’anul Karim Qur’anul Hakim Qur’anul ‘Adzim Ieu Qur’an anu opat perkara disurahannana ku sahiji Ajengan kieu : Qur’anul Majid, nyaeta Qur’an anu aya hurufna nu umum sok diaraji ku kaom Islam sadunya. Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu mulya, buktina nyaeta keneh bae Qur’an anu aya tulisannana, karana eta anu dimulyakeun ku kaom Islam saalam dunya. Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu agung disebatkeun barangna eta keneh bae, Qur’an anu sok dibaraca, sabab eta anu diaragungkeun ku kaom Islam saalam dunya. Qur’anul ‘Adzim, hartina Qur’an anu suci jeung langgeng, dituduh eta keneh bae buktina mahQur’an anu aya tulisannana, karana eta anu suci jeung langgeng hukumannana ti dunya nepi ka Akherat. Tah kitu eta Qur’an anu opat perkara teh, disurahannana kunu Ahli Syara, jadi borong bae kajeun aya opat ngaranna, barangna mah eta-eta keneh bae. Jadi ana kitu eta Qur’an tulisan teh dianggap Tapekong, karana kapan sidik Qur’an eta mah beunang nulis manusa, naha disebutkeun Qur’an anu mulya, anu agung, anu suci anu langgeng, kapan sidik Qur’an tutulisan mah keuna ku ruksak, jadi lamun kaom Islam keukeuh boga patekadan kitu, atuh teu beda jeung Agama Cina, sesembahannana Migustina kana barang anyar, turug-turug nu nyieunna oge nu anyar. Ku sabab kitu muga dulur-dulur kaom Islam ulah kaliru, kieu ayeuna dihandap ku jisim kuring rek diterangkeun pasal eta Qur’an anu opat perkara teh. Qur’anul Majid, eta mah cocog barangna, nyaet Qur’an majaji anu bukti aya hurufna, umum sok dibaraca ku sarerea kaom Islam. Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu Mulya, sategesna anu ngaran Qur’anul Karim teh buktina Panangan katut Ramo, karana kapan sidik jolna eta aksara teh tina Tangan jeung Ramo, jadi sategesna anu mulya teh nyaeta Panangan katut Ramona anu mimiti ngadamel eta Qur’an, cik saha anu ngayakeun eta Qur’an? Piraku teu kaharti, tah eta anu Mulya teh. Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu Agung, nyaeta buktina teh Paningal, karana Panangan Ramo moal bisa nulis upama teu aya Paningal, jadi sateges-tegesna nu agung teh nyaeta Paningalna anu mimiti ngayakeun eta Qur’an. Qur’anul ‘Adzim, hartina Qur’an Suci jeung Langgeng, nyaeta buktina Hirup, karana Paningal Tangan jeung Ramo moal bisa ngajadikeun upama teu aya Hirup, jadi sateges-tegesna anu suci jeung nu langgeng teh Hirupna nu mimiti ngayakeun eta Qur’an. Ku sabab kitu urang oge ayeuna ngaji teh, lamun hayang tepi kana sucina lamun hayang tepi kana sampurnana. Eta Qur’an anu opat perkara teh, kudu diaji kabeh. Mimiti urang kudu daek maca Qur’anul Majid, nyaeta Qur’an majaji anu aya hurufna, tah eta bagian ilmu sare’at, sanggeus dibaca kudu terus diaji, nyaeta kudu dihartikeun pimaksudeunnana, sanggeus kaharti pimaksudeunnana, geura teangan jeung pigawe tarekatna sangkan karasa, sabab eta Qur’annul Majid teh tuduh jalan pikeun nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, jalanna teu aya deui lian ku tarekat, nyaeta Qur’annul Karim, hartina kudu ngaji pagawean tangan jeung ramo urang anu sakira bakal tepi ka Allah ka Rasulullah. Karana Gusti Allah maparin leungeun jeung ramo ka manusa teh, lain kudu dipake ngajadikeun kana barang dunya anu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, supaya tangan jeung ramo urang teh jadi Mulya, karana aya dalilna : Asho biahum fii adzaanihim minasshowaiki hadzarol mauti walahu muhitun bil kaafiriin Kieu pisundaeunnana : Lamun tangan jeung ramo maneh teu dipake nyieun jalan maot, tetep tangan jeung ramo maneh martabat ramo hewan, kafir tetep bakal ka Naraka. Tina Qur’anul Karim kudu naek deui kana Qur’anul Hakim bagian hakekat, nyaeta kudu ngaji pagawean paningal urang anu sakira bakal hakim tegesna kana barang langgeng tea, nyaeta kana hakekatna Allah jeung Muhammad, karana Gusti Allah maparin awas paningal ka manusa teh lain bae kudu dipake kana ngawaskeun barang anyar anu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngawaskeun kana hakekat Allah jeung Rasulullah, nyaeta anu kasebat Qur’anul ‘Adzim anu langgeng tea atawa sifatna hirup, bibitna tujuh bumi tujuh langit sarawuh eusina kabeh. Tah didinya urang oge asalna jadi sategesna ngaran ma’rifat ka Allah teh nyaeta anu geus nyaho kalawan Hakim kana hakekat Allah jeung Muhammad tegesna Jauhar Awwal. Tapi mangkade kaliru,bisi netepkeun Jauhar Awwal teh kana caangna Panonpoe anu katingal ku panon kapala, eta mah Jauhar Firid bagian Sawarga Loka (Dewa), tempatna di Gunung Himalaya. Perkara Johar Awal sajati mah nyaeta anu kasebut Johar Latif, tegesna gaib moal bisa katingal ku panon kapala, ceuk dalilna kieu : Ru’yatullaahi ta’ala fii dunya bi’ainil qalbi Hartina : Ningali hakekatna Allah ta’ala di dunya ku awasna ati, tegesna ku hakekatna Rasulullah, sabab sifat jalma mah moal aya anu bisa ma’rifat ka dinya, karana jelema mah ngan ukur dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala. Samangsa-mangsa wujud geus bisa dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala, tangtu ramo urang bisa nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah ta’ala, lantaran geus dibejaan (dipasihan terang) ku Rasulullah, jadi urang mah kabawa nyaho kabawa ni’mat ku Rasulullah, ti dunya nepi ka Akherat, moal sulaya deui sabab geus tetep jadi umatna Rasulullah. Karana ti ayeuna oge geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah, lantaran wujud teh beurang jeung peuting dianggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah ta’ala. Samangsa-mangsa geus ngarasa babarengan beurang peuting jeung nu suci, Insya Allah tekad jeung laku teh lila-lila kabawa suci. Setan-setan ge moal dareukeut, tapi kitu soteh nu ma’rifat kalawan tauhidna, ari teu jeung tauhidna mah sulaya bae, sanajan geus boga tarekatna. Teu ngarasa sieun teu ngarasa isin, jongjon bae tekad jeung lakuna sakama-kama, jadi nu kitu teh ma’rifatna, ma’rifatna Mikung, tangtu di dunyana ge moal meunang safa’at ti Rasulullah, di dunyana moal lepot ti kasusah, kabendon ku nu Maha Suci. Ibarat lampu dikurungan ku semprong anu kotor geus tangtu kaluarna oge poek, da kudu suci pasuci-suci, suci eusina, suci cangkangna, kakara jadi, di dunyana moal lepot tina kani’matan, di Akherat pon kitu deui. Ku sabab eta poma pisan dulur-dulur anu geus boga jalan ka-ma’rifatan , tekad jeung laku goreng teh kudu dijaga bener-bener, ulah darapon nyaho bae, tapi kudu jeung dibarengan ku lakuna jeung tekadna anu hade, sabab lamun urang ngalakonan pagawean ma’siat ngalanggar hukum Syara, tangtu urang gancang dibendonna ku Maha Suci langkung beurat, hukuman bongan nyaho, beda deui jeung nu tacan nyaho, saperti di dunya oge, upama urang Kampung maling hayam, dihukumna ngan ukur di denda atawa di bui saminggu, coba lamun Wadana maling hayam hiji, tangtu leuwih beurat hukumannana, jaba ti leupas pangkatna teh, jeung bari dihukum tikel dua tilu ti si Kampung tadi. Hukuman bongan geus nyaho kana artikalna, komo anu geus nyaho ka Allah ta’ala mah, sing inget perjangjian Guru Mursyid (Guru nu geus inkisaf ka Pangeran) ibadah babarengan doraka pipisahan. AYEUNA NERANGKEUN MARTABAT ALAM TUJUH (Nganggo rucatan engangna kecap) Alam Ahadiyat huruf Al Alam Wahdat huruf lah Alam Wahidiyat huruf Mu Alam Arwah huruf ham Alam Ajsam huruf mad Alam Misal huruf A Alam Insan Kamil huruf dam Buktina alam dunya ge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta alam nu kasebat diluhur, tegesna alam tujuh teh lalakon Allah-Muhammad-Adam, ku sabab eta wajib dikanyahokeunnana ku sarerea. Upama urang arek nyusul kana asal. Sabab lamun teu dikanyahokeun ti ayeuna jalan-jalanna jeung barang-barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik deui kana asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalanna waktu tadi turun-turunna ti Akherat ka alam dunya. Ayeuna eta martabat alam tujuh teh, ku jisim kuring rek diterangkeun sarta make ibarat kalawan dibuktikeun ku gambar, supaya gampang dihartoskeunnana. Gambar Martabat Alam Tujuh Tafsirna A. Nyaeta alam Ahadiyat, martabat nu Maha Suci, dalilna Dzat Laisa Kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama. Bakat kumaha atuh matak teu beunang diupamakeun? Naha bakating ku kawasana? Atawa bakating ku agungna? Atawa bakating ku hiji-hijina? Upama bakating ku kawasa, na kapan dina zaman eta mah teu acan aya dadamelannana, karana ngaran kawasa teh kudu bukti heula nu didamelna. Kapan dina dina alam Ahadiyat mah sumawona manusa, Akherat jeung alam dunya ge tacan aya. Upama bakating ku agungna, da tacan aya nu hina dina di alam Ahadiyat mah, karana aya basa agung teh saenggeusna aya anu hina. Upama bakating ku hiji-hijina, da kapan teu acan aya dua zaman eta mah, sabab ari hiji teh saenggeusna aya nu loba. Kumaha atuh pihartieunnana? Supaya eta dalil Dzat laisa kamishlihi teh jadi uni? Kieu upama mufakat mah. Nu matak alam Ahadiyat disebut dalil Dzat laisa kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama, sategesna nyaeta bakating ku suci, hartina beresih teu aya sifat-sifat acan sumawonna jenengannana. Naha rek diupamakeun jeung naon upama teu aya sifatna? Sabab disaksian deui ku dalil nu Maha Suci teh Bilaa Haifin, hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu hideung, teu poek teu caang, Bilaa Makanin, hartina teu arah teu engon, teu di kulon teu di wetan, teu di kaler teu di kidul, teu di luhur teu di handap, tah kitu katerangannana, nu matak nu Maha Suci teu beunang diupama-upama, sumawonna di engon-engon, dituduh diditu didieu, lantaran kaburu lain sabab kahalangan ku bukti. B. Alam Wahdzat martabat sifatna nu Maha Suci. Jadi dina alam Wahdzat mah nu Dzat Laisa teh jadi Dzat Sifat, rupana caang padang, nyaeta nu kasebut Jauhar Awwal. Jauhar hartina Cahya, Awwal hartina mimiti. Jadi nya eta nu pangheula-heulana aya samemeh Bumi jeung Langit, sumawonna manusa. Tah eta Johar Awal teh nu kasebut hakekat Muhammad tea, kapan ceuk Hadist oge Muhamad teh awal-awalna pisan, sabab Johar Awal teh Nur, tegesna cahyana nu Maha Suci. Malah ceuk para Wali mah Sagara Hirup atawa Sajatining Syahadat, karana gulungna Dzat jeung Sifat atawa Allah jeung Muhammad dina hakekat. C. Alam Wahidiyat, martabat Asmana nu Maha Suci, kajadian tina Jauhar Awwal alam Wahdzat tadi bijil deui sorotna jadi cahaya opat rupa nyaeta Narun cahya Beureum Hawaun cahya Koneng Maun cahya Bodas Turobun cahya Hideung Jadi eta cahya anu opat perkara teh, nu disebut Nur Muhammad, ari Muhammadna mah di Johar Awal, barang eta Nur Muhammad cahya opat perkara teh. Disebutna Hakekat Adam, nyaeta Asmana nu Maha Suci. Cahya nu beureum hakekatna lafad Alif Cahya nu Koneng hakekatna lafad Lam Awal Cahya nu Bodas hakekatna lafad Lam Akhir Cahya nu Hideung hakekatna lafad He Jauhar Awwal jadi hakekatna lafad Tasjid Sare’atna jadi lafad Allah, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh, nu ngajadikeun bibit tujuh Bumi tujuh Langit sarawuh eusina kabeh, sanajan Agama oge ti dinya bae. Ayana Syahadat nyaeta ku ayana Johar Awal Ayana Sholat nyaeta ku ayana Cahya Beureum Ayana Zakat nyaeta ku ayana Cahya Koneng Ayana Puasa nyaeta ku ayana Cahya Bodas Ayana Munggah Haji nyaeta ku ayana Cahya Hideung Sanajan waktu oge aya 5 waktu Shubuh bagian Nabi Adam Lohor bagian Nabi Nuh Asyar bagian Nabi Ibrahim Maghrib bagian Nabi Musa Isya bagian Nabi Isya Pertingkahna Sembahiyang oge 5 perkara Nangtung Takbiratul Ikhram Ruku Sujud Lungguh Sahabat oge aya 4 ka 5 Kangjeng Nabi Sahabat Abu Bakar Ash-Sihidiq Sahabat Umar bin Khatab Sahabat Usman bin Affan Sahabat Ali bin Abi Thalib Kangjeng Rasulullah Di Mekah aya Imam 4 ka 5 Baitullah Iman Syafi’i Imam Hanafi Imam Hambali Imam Maliki Baitullah Tah gening sidik kabeh oge tina Asmana Allah, Hakekatna nyaeta Nur Muhammad, cahya 4 perkara kalima Jauhar Awwal. D. Alam Arwah, martabat Af’alna nu Maha Suci, nyaeta Af’alna Allah ta’ala ngajadikeun ieu alam dunya. Kieu ceuk ilmu akal mah ngadamelna teh. Ibarat dina Bioskop mah nyaeta Istijradna bangsa Walanda, alam Wahdat nyaeta Johar Awal teh lir ibarat listrikna, ari Nur Muhammad Alam Wahidiat ibarat kacana. Narun teh ibarat Kaca Beureum Hawaun teh ibarat Kaca Koneng Maun teh ibarat Kaca Bodas Turobun teh ibarat Kaca Hideung Barang eta kaca anu opat rupa disorot ku Johar Awal, kajadian bijil kalangkangna. Tina Kaca Beureum jadi Seuneu Alam Dunya Tina Kaca Koneng jadi Angin Alam Dunya Tina Kaca Bodas jadi Cai Alam Dunya Tina Kaca Hideung jadi Bumi Alam Dunya Ku kawasa-kawasa Allah ta’ala bleg bae jadi ieu alam dunya, nyaeta Jagat Kabir, jadi sategesna alam dunya teh kajadian tina Nur Muhammad. E. Alam Ajsam, martabat manusa. Sanggeusna ngadeg ieu alam dunya, Gusti nu Maha Suci bade ngersakeun deui nyitakeun alam majaji, terus nimbalan Malaikat, miwarang turun ka alam dunya, kudu nyokot aci seuneu, aci angin, aci cai, aci bumi. Gancangna geus beunang eta aci-aci nu opat perkara teh terus didamel. Aci Bumi kajadian kulit bulu Adam Aci Seuneu kajadian Getih daging Adam Aci Cai kajadian urat balung Adam Aci Angin kajadian otot sungsum Adam Ku kawasana Allah ta’ala, jleg bae jadi dalil Muhammad, Mim-He-Mim-Dal, nyaeta : Cahya nu hideung jadi hakekat lafad Mim Awal Cahya nu Bodas jadi hakekat lafad He Cahya nu Koneng jadi hakekat lafad Mim Akhir Cahya nu Beureum jadi hakekat lafad Dal Johar Awal jadi hakekat lafad Tasjid Sare’atna nya jadi lafad Muhammad atawa sabalikna tina lafad Allah. Mim Awal lafad Muhammad sategesna Sirah He lafad Muhammad sategesna Dada Mim Akhir lafad Muhammad sategesna Udel Dal lafad Muhammad sategesna Suku Tapi teu acan bisa usik malik, ngagoler saperti Golek, gancang terus diliangan opat liang, nyaeta di Panonan, di Cepilan, di Pangambungan, di Bahaman. Terus eta liang diasupan ku sorotna Nur Muhammad, kajadian bisa usik malik eta Adam atawa Jagat Shagir teh. Jadi sidik pisan ayeuna oge hirupna manusa teh sare’atna ku ayana cahya, kitu deui maotna manusa teh ku teu ayana cahya. Samangsa-mangsa geus teu aya cahyana Si Jasad atawa Jagat Shagir, geus teu aya kakuatannana, buktina gancang buruk. Kitu deui ieu oge Jagat Kabir, nyaeta alam dunya pang kuatna teh, ku diangliputi ku sorotna Nur Muhammad, jadi moal salah deui engke oge kiamatna ieu Jagat Kabir (alam dunya) saperti manusa (Jagat Shagir) bae, dicandak deui cahyana, nyaeta Panonpoe Bulan Bentang, tangtu bae ieu alam dunya ruksak, atuh tinggal naonna? Tina Bumi tinggal poekna, Seuneu tinggal panasna, Cai tinggal tiisna, Angin tinggal hawana. Saha anu bakal nyicingan eta Naraka? Teu aya deui anu bakal nyicingan teh nyaeta Idajil La’natullah tea, sakanca-kancana sakur nyawa manusa anu henteu barisa balik deui ka Allah ta’ala. Sabab keur di dunyana beunang ku panggoda Setan, lantaran teu Iman ka Allah ka Rasulullah. Karana eta Idajil teh, tadina mah Malaikat kakasihna Allah ta’ala. Pangna dibendon ku Allah ta’ala, lantaran samemeh aya Adam, dipiwarang ngeusian ieu alam dunya, tapi dijangjianna lilana di alam dunya ngan sarebu taun. Ku sabab Malaikat Idajil ngarasa betah di alam dunya, teu hayangaeun deui balik ka Sawarga nepi ka tilu rebu taun, tah didinya mimitina dibendonna ku Allah ta’ala, jadi geus teu meunang balik deui ka Sawarga, kudu tetep di alam dunya bae. Tapi engke bakal ditetepkeun dina dasar Naraka sanggeus kiamatna ieu alam dunya, bakating ku bedegongna sang Idajil, manehna sanggup bae tapi nyuhunkeun idin rek ngagoda ka anak putu Adam, pibatureun manehna di Naraka. Gusti Allah ngidinan, hade tapi saha-saha anu teu Iman ka Aing jeung ka Rasulullah. Ayeuna rek malikan deui pasal Adam, tadi diluhur ku jisim kuring geus dicaritakeun, anu didamel Adam majaji teh, tina acina seuneu, angin, cai, bumi, bilih bae anu ngaos sareng anu ngadangukeun ieu kitab nyangka saperti seuneu, angin, cai, bumi teh diperes saperti nyieun aci sampeu, saenyana lain kitu. Jadi anu kasebut aci seuneu, angin, cai, bumi teh buktina nyaeta sakur anu jaradi dina teneuh, saperti tatangkalana nu gede anu leutik, karana kapan sidik bisana ngagedean tatangkalan teh ku opat perkara. Hiji ku cicing dina taneuh, dua kudu kacaian, tilu kudu kaanginan, opat kudu kapanasan, cacakan karek ku kahieuman oge gening tara jadi buah. Jadi ku sabab eta tatangkalan lila cicingna di bumi, lila kacaiannana, lila kaanginannana, lila kapanasannana. Jadi eta hawana asup kana tatangkalan, sanggeus gede tangkalna, nya terus bijil buahna, tah eta bubuahan teh bakating wujud Adam, sanajan urang oge asal ti dinya bae, ngan bedana Adam mah didamel ku Allah ta’ala barang kadieuna mah saenggeusna aya Adam jeung Babu Hawa, atawa Idung Bapa urang, bubuahan teh didahar heula nya kajadian aya Wadzi, Madzi, Mani, Maningkem. Barang eta Wadi, Madi, Mani, Maningkem tepung, tegesna kontak jeung sorotna Nur Muhammad cahya nu opat perkara tea, nya kajadian kempel ngajadi Jabang Bayi di jero beuteung Indung. Ari nu teu jadi mah nyaeta anu teu kontak, tegesna henteu tepung jeung Nur Muhammad (Roh). Sabab tadi ge Allah ta’ala teh wenang, wenang ngajadikeunnana jeung wenang teu ngajadikeunnana. Manusa mah teu aya kakawasaan ngan ukur jadi lantaran pikeun ngajadikeun piwadaheunnana Roh bae, nyaeta tina sakur anu dituang, karana Indung Bapa urang upama teu barang tuang moal kajadian aya cimanina. Kala waktu orok dijero beuteung teu acan aya nyawana, ngan kakara aya hirup wungkul, nyaeta roh suci tea, numatak teu acan aya rasa naon-naon barang gubrag kaluar. Roh suci kontak, hartina tepung jeung hawa ieu alam dunya. Nyaeta hawana tina bumi, seuneu, cai, angin. Nya kajadian eta orok aya nafasna atawa sifatna nyawa. Hakekatna nyawa nyaeta rasa jasmani, dina waktu eta panon buncelik teu acan aya awasna, ceuli molongo teu acan aya dengena, irung teu acan aya angseuna, sungut teu acan bisa nyarita ngan karek aya sorana bae. Barang geus dibere barang dahar nyaeta cisusu atawa daharan naon bae, nyaeta tina acina bumi seuneu, cai jeung angin, jadi eta aci nu opat perkara teh kajadian deui acina, nyaeta ngajadi getih opat perkara nu disebut Roh Jasmani, tuluy eta getih surup sinurup. Getih hideung kajadian tina aci bumi sumurup kana kulit, nya ngarubakan kulitna orok. Hawana kaluar bijilna kana baham, watekna bisa ngomong. Getih nu beureum kajadian tina aci seuneu, sumurup kana daging, nya ngagedean dagingna orok. Hawana kaluar bijilna kana ceuli, watekna bisa ngadenge. Getih nu bodas kajadian tina aci cai, sumurup kana tulang, nya ngagedean tulang (balung) orok. Hawana kaluar bijil kana panon watekna bisa ningali aya awasna. Getih anu koneng kajadian tina aci angin, sumurup kana sungsum nya ngalobaan sungsumna orok. Hawana kaluar bijil kana irung watekna bisa ngambeu. Sanggeusna eta orok geus rubak kulitna gede dagingna, gede tulangna loba sungsumna, kaluar deui hawana nyaeta nafsu opat perkara, Amarah-Lowamah-Sawiyah-Mutmainnah, nyaeta buktina sagala kahayang anu hade anu goreng. Tuh gening bukti ngagedeannana jasad teh, sanajan tanaga pikiran, akal sumawona paningal, pangrungu, pangucap, pangangseu, teu aya deui anging ku pitulungna roh Seuneu Cai Angin Bumi. Naon sababna pang nulung kitu teh? Teu aya deui pang kajadian sagala ti dinya teh, supaya eta parabot-parabot teh kudu digunakeun dipake parabot ibadah jeung kudu dipake parabot keur nyieun jalan pikeun nganyahokeun ka asalna, nyaeta ka Allah supaya manehna kabawa sampurna, tegesna kabawa balik deui ka Allah, karana anging manusa anu katetepan Agama, manusa anu katetepan Elmu, anu bakal bisa nyampurnakeun roh-roh saalam dunya kabeh oge pada arasup ka manusa. Sumawonna rohna Bumi Seuneu Cai Angin eta mah sapopoena, sanajan roh-rohna hewan nu halal nu haram nu bersih nu najis, eta sakabeh oge pada arasup bae ka manusa. Kieu jalan-jalanna, saperti bangsa tatangkalan (kai) bener sare’atna mah teu didahar ku manusa, tapi kapan sok dipake nyuluhan sangu atawa naon bae tangtu eta rohna asup kana sangu. Numatak jadi beda rasana waktu tadi keur beas keneh jeung geus jadi sangu. Kitu deui bangsa hewan anu haram anu najis oge milu arasup bae, puguh ari jinisna mah teu didahar, tapi upama Anjing Babi paeh di cai tangtu bangkena dihakan ku lauk cai, lauk cai asup deui ka manusa, jadi sidik manusa teh jadi cukang keur mareuntas roh-roh sa alam dunya balik deui ka Allah ta’ala. Ku sabab eta sidik Gusti Allah mah suci tetep teu nyiksa teu ngaganjar, sateges-tegesna anu bakal nyiksa teh, nyaeta roh-roh tina sagala rupa anu geus asup ka manusa, ku lantaran teu dibawa balik deui ka Allah ta’ala. Rohna seuneu bakal jadi Naraka Panas, rohna cai engke bakal jadi Naraka Tiis, rohna bumi engke bakal jadi Naraka Poek, rohna hewan engke bakal nyeureudan atawa ngegelan kana nyawana manusa. F. Alam Misal, martabat elmu, saha-saha manusa di dunyana geus ma’rifat kana asal wujudna, nyaeta Sagara Adam (C) tadi, eta elmuna geus tepi kana pangkatna Misal, hartina geus nyaho kana asal nyaeta sifatna cahya beureum koneng bodas hideung, engke dina maotna bakal asup ka Sawarga, tegesna dina kani’matan anu teu aya babandingannana sarta langgeng teu aya putusna. G. Alam Insan Kamil, martabat kasampurnaan. Samangsa-mangsa manusa di dunyana geus bisa ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Johar Awal tea, atawa alam Wahdat (B) tadi, elmuna geus tepi kana pangkat Insan Kamil hartina Manusa Sampurna, engke dina maotna bakal jatoh kana pangkat Kamil Mukamil, hartina sarupaning sampurna, beak rasana, beak jasmanina, jadi Dzat Laesa Kamishlihi deui, saperti tadi samemeh urang turun ka alam dunya. TAMAT *) Dina ieu kitab nerangkeun Rukun Iman mung diterangkeun anu kagenepna wungkul. Upami palay uninga nu langkung terang kana hiji-hijina, Rukun Agama, Rukun Islam, Rukun Iman, kedah ngaos Layang Muslimin-Muslimat jilid I-II-III-IV. Kitab Ma’rifat.
0 notes
Text
RUKUN IMAN
-Rukun Iman kagolong kana Elmu Syareat, salancar tahapan kahiji,
- ari Iman teh aya 3 tahap, nyaeta :
1. IMAN TAQLID (ILMU YAKIN),
2. IMAN IDLAL (AINAL YAKIN) ,
3. IMAN TAHKIK (HAKULYAKIN) alias Ma’rifat.
- Naha pangna dianggap penting pisan urang kedah Ma’rifat (terang) ka Alloh ?, malih kedah diheulakeun, naon margina eta teh?
- Bade teu penting kumaha, kapan Alloh teh tujuan ibadah urang, kapan “ Tujuan hirup manusa teh , nyaeta pikeun ibadat ka Alloh”,
- sasat Alloh teh sembaheun urang. Kumargi anu bade disembah ku urang, atuh kedah puguh heula, tangtukeun heula anu bade disembahna,
-lain sabalikna, ngahelakeun sembah tapi anu bade disembahna teu tangtu, teu acan dikenal, ke bilih mubazir, hanas hese cape.
- kumaha carana hoyong kadugi kana “ TAHKIK” atawa “ HAKUL YAKIN” atawa “ MA’RIFAT” teh ?
- Nya kedah ku “ Elmu”, ari elmu teh kapan kanyaho, ari kanyaho kapan datangna ti 2 lawang,
- nyaeta ti papada urang sareng tina daluang.
- Ti papada urang nya sapertos ayeuna, ulah narima kitu bae, tapi kudu weleh tetelepek sing dugi ka ngarti.
- Ari tina daluang nya sing seueur bucu-baca, bari disarengan ku sabar, lekeun, keyeng.
- Elmu anu parantos katarima boh tipapada urang boh tina dalung, tingkatkeun sing jadi luang, hartina pangalaman,
- ari pangalaman kapan buah ti nu kaalaman ku urang.
-Anu matak sing loba ngalaman.
- “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”.
-Cing kumaha salang surupna ?
- Eta teh, Hadist Nabi Muhammad SAW. :
ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
- Ceuk sundana :
“ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”.
- Sumuhun, naha disebat bakal kasasar, naha Alloh teh aya dina diri manusa kitu ?,
- atuh upami Alloh aya dina saban diri manusa mah, panginteun seueur Alloh teh, atuh pasalia sareng Surat Al-Ikhlas.
- Kalihna ti eta, naha geuning anu ngadaro’a bet sok disebat
“ Tamu Alloh”, naha memang Alloh teh aya di “ Baetulloh” ?.
- ari seuh-seuhannana mah bingung nangtukeun anu di ibadahan ku urang teh, sedengkeun urang kapan ti aalit parantos ngalaksanakeun ibadah cenah ka Manten-Na, kumaha tah?
- netepan sadinten sawengi 17 rokaat, seja sujud sumujud sumerah ka Alloh, tapi sareng Alloh na teu acan “ TAHKIK /HAKUL YAKIN”, nembe “ Percaya” ngaraos cekap ku ngucapkeun Syahadat, sareng percaya soteh dumeh aya padamelannana.
- Padahal geuning teu cekap semet kitu, sakumaha pituduh Jungjunan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Salaku panutan urang Islam, anu dipiconto ku sakumna umat Islam yen “ AWAL-AWALNA AGAMA TEH KUDU NYAHO HEULA KA ALLOH “.
- Maksudna supados ulah ragu-ragu enggoning urang sujud sumujud tur sumerah ka Manten-Na.
- kumaha atuh ?, rumaos pisan palebah dieu masih sisip ku pangarti, suda ku pangabisa, pakewuh ku Elmu.
1 note
·
View note