Kudu kebat sanajan ukur isarat, kudu nembrak sanajan ukur aksara.
Don't wanna be here? Send us removal request.
Text
Papastén wanci
Wilujeng tepang ! Dina paneuteup nu anggang Dina sawangan nu pamohalan Dina basa isarat nu teu kebat Dina rasa nu marojéngja Bral ! Gera miang... Nyukcruk tarahalna kaikhlasan Ninggalkeun léngkah kapasrah Nu harita kungsi digunemkeun Antara urang jeung waktu Di dieu... Langit sumegruk Ningali kalbu nu geus dirurub Manéhna tuluy leumpang Ngagancangan Beuki gancang Gancang pisan Nepika napas mapakan séahna hujan Bandung, 11 oktober 2017
2 notes
·
View notes
Text
Kalakay
Dina sela régang jeung melang Ngintip lantip teuteup jeung keueung Gandrung ka nu nuju liwung Diudag-udag kabingung Waktu daun kaanginkeun Cahya mabur kaoyagkeun Lambak ngariak balueung Manéhna anteng mitineung Saban léngkah ditanyaan Manéhna kukurilingan Ti kikisik ka kikisik Nu témbong ukur bangingik Lebah basisir jaladri Nangkarak ngaheungheum nyeri Batinna disasaak Ku angin atawa ombak Léngkahna ngalaunan Ninggalkeun sarwa harepan Lambak tuluy salin rupa Jadi malaikat nu nyabut nyawa Manéhna ditandasa Sedeng kuring tuluy nyirorot Ngahuleng semu jamotrot Ngampih kana gurat sagara Ninggalkeun nu keur tunggara Ngalimba dipapag mangsa Pung... Kebonhui, 29 juli '17
1 note
·
View note
Quote
Pami téa mah lampah kari bangkarak sumanget nu pasoléngkrah, kuring milih gering dina hariring batan nangtung dina kabingung.
Daminatila
1 note
·
View note