Text
Mun seug taya poe balitungan, meni ku hayang buru-buru paeh teh. Bakating ku cape jeung nyeri. Ulah, teu kudu ngarupahan, ari keur cape mah, sanajan jalma sadunya ngomong "SEMANGAT" ge angger we cape. Wayahna, keur teu hayang heula dipapatahan. Ieu mah keur hayang budal, olab atuh loba teuing dipapatahan bari jeung tara mere kesempetan keur budal. Daripada ngabulatuk mere motivasi jiga Mario Teguh, anggur mah urang dibere uang kaget. Tapi balanja na ulah dipasar Lembang, balanja na hayang ka luar negri. Jep ulah sok loba urang ge kieu urang ge kitu, omat ieu mah urang euweuh niat rek ngadu kasusah, keur mah urang keur mumet kudu ngadenge kasusah maneh, beki we mumet.
0 notes
Text
Sing jeleger, sing beledag dina ieu sirah nu ngan ampir saukur batok kalapa. Kumaha lamun boga sirah sagede gymball, tada teuing kumaha eusina...
2 notes
·
View notes
Text
Gusti, hayang nulis deui. Tapi teuing naon nu rek ditulis. Plis, rohang nu kacida leutik ieu teh ulah nepika dicokot deui.
2 notes
·
View notes
Text
Kesabaran yang setipis tisu toilet
Setelah jadi ibu-ibu tukang kopi seduh dan mie rebus, loba culture shock anu salila ieu can pernah dialaman selama uing jadi tukang warung sembako. Ternyata jadi pedagang sembako dan warkop teh bedaaaa yagesya. Ari jadi tukang sembako mah emosi teh aman indah lahir batin, nu mareuli sharoleh. Dina rudetna ge paling panggih jeung jalma anu nawar roko hayang lima rebu tilu. Jaba rokona hayang mild embung dibere roko samsu (wkwkwk jadi apal kana roko) ari jadi tukang kopi mah pangrasa teh kabeh jalma rese, loba kahayang, teu sabaran. Komo kawasan pasar mah lolobana syaitonirojim. Kesabaranana setipis tisu teh nyaan alias sumbu pendek. Teu kaopan enya ge cangkangna manusa kolot geus huisan ge adatna bubudakeun. Teu payaan. Mun ceuk si bapa mah hulu huisan ge kolotok munding senah.
Nyeduh kopi caina loba saeutik sewot. Cai na dibahekeun hareupeun pisan uing nu nyieunna. Marah? Oh tentu tidak. Masang senyum aja sambil minta maaf dengan nawarin "mau diseduhin ulang?" Ti dinya asa rujad si opon teh. Hayang langsung ngagarawak mun teu inget kalimat istighfar mah. Jadi hayangna teh cai na satengah gelas gaesss. Atuh teu ngomong nya. Naon hesena reques cai na satengah wae ulah loba teuing kituh! Pan beres .
Menta roko, ditanya roko naon ngajawabna teh piraku teu apal apal. Heh maneh tulak panto! Samaruk nu balanja ka aing nyaneh hungkul! Piraku nu meuli hiji hiji na kudu apal selera jeung kahayangna. Da lain mamah Lauren urang teh. Jaba urang teh jalma anyar teu apal langgan henteu na, hayangna kumaha kumahana. Sakieu ge geus alhamdulillah. Nedunan kahayang nu meuli itu ieu kahayangna rupa rupa jaba ngangais budak. Cik atuh mikil! Kahayangna kudu prioritas ari taeun kasbon wae dasar jalma teu begu.
Maap gaess kesel atuda. Jadi intina mah sifat urang teh bisa kapangaruhan tina lingkungan. Ayeuna cicing dina hiji lingkungan anu panas, urang ge berangsur-angsur kabawakeun panas, atau sabalikna. Jaba jadi tukang warung mah kudu loba sabar, da mun teu kitu atuh moal aya nu meuli. Meureun moal mengalir tah si cuan teh. Ingat kita perintis bukan pewaris. Anjaaay.
Yasudah gaes rek nyeduh kopi heula ah, cag...
3 notes
·
View notes
Text
Judulna ; Tongseng Kambing bumbu alung alias seadanyah
Sabab na kulkas aya daging domba yang sudah bersemayam seminggu lebih, jadi kapaksa daging teh kudu diolah. Lebar sing mubadzir, dosa. Bingung rek diasakan jadi naon, nanya ka salaki nembalna terserah. Hih!
Yasudah, searching na youtube cara masak daging kambing. Lalu muncul saran ide nyieun tongseng kambing sederhana, atuh di klik. Alhamdulillah bahan-bahanna insya Allah sadia teu kudu meuli, kari neangan wortel jeung lengkuas alias laja. Alhamdulillah hirup di lembur nu di buruan imahna teh sok marelak sabangsaning bumbu dapur jiga koneng, salam, daun jeruk, jahe jsb, jadi teu pati kudu ngagidig teuing ka warung. Jaba warungna jauh di dieu mah. Tomat jeung kol mah aya, da sok nyieun kol goreng kadaharan pendamping sangu kabeuki uing pisan.
Berbekal nonton video youtube sakilas sabab kuota kaburu sakarat, clom-clom we sakabeh bumbu berdasarkan feeling. Surawung, jeung cabe menang ngarabut di simpen pandeuri jang garnish. Padahal na youtube asana teh euweuh surawung jeung cabe ieuh hahaha.
Bumbu geus lengkep kari gerus, sawareh disiksik dan ritual masak-memasak dimulai...
Alhamdulillah, setelah lukat-leket kesang masak jeung nyangu teh asakna bisa bareng. Sanajan sajeroning prosesna loba kaganggu ku budak ceurik menta nyusu jeung menta diais. Masya Allah..
Sajatina mah masak teh aslina uing mah teu bisa sing demi oge. Tapi ieu teh demi bakti jeung ngawulaan ka nu jadi salaki. Sanajan tara menta nu rupa-rupa oge tapi angger, demi ngajaga keharmonisan dalam rumah tangga teh pan kudu saling membahagiakan satu sama lain. Sabab, setelah mengalami dur der pasea yang tiada hentinya, aya benang merah nu bisa kapanggihan. Nyaeta nu jadi salaki hayang dimengerti dan nu jadi pamajikan embung eureun diberean duit wkwkwkwk..



8 notes
·
View notes
Text
Selamat lebaran hey para penjajah. Tukang ngajajah ka urang, teu anakna teu bapana 🤭tapi percayalah, hirup jeung kalian rasana ngeri-ngeri sedap.
Kanggo neng Kayas, wilujeng boboran sayang, lebaran pertama formasi tiluan. Jang ayah Dadi, cikk atuh mikillll manya urang geus dua kali lebaran teu dipangmeulikeun baju! nyaan kacida si eta mah. Hiks... Batur mah meuli baju dulag jeung meuli daging, ari urang meli aci we hayoh nyieun adonan cimin jeung cimol 😭
Mudah-mudahan kahareupna, panto rezeki bisa kapanggihan ku urang tulakna. Atuh nu utamana dijembaran deui hatena, leuwih bisa down to earth dan bisa tutulung ka batur. Sabab, karasa ku urang peurihna hirup taya nu nulungan teh. Aamiin..

1 note
·
View note
Text
Kampung halaman, adalah tentang tempat di mana di sanalah orang-orang yang kita cintai dan kenangan bersama mereka berada. Mah, Pak, selamat menunggu adzan magrib di sana. Beri kabar jika langitnya masih mengeluarkan warna semburat kuning keemasan, sama seperti waktu umurku masih 10 tahun.

2 notes
·
View notes
Text
Sugan teh tikoro nu hayang tiis teh, singhoreng sirah nu ngaheab ngelekeb. Es krim na rek dibenturkeun kana tarang da piraku, lebar. Antukna teu weleh diselewegkeun kana tikoro.

1 note
·
View note
Text
Gening, hate teh masih keneh maju mundur. Hampura Kayas, lamun indung maneh jauh keneh tina panceg jeung yakin. Teuing kudu ngembing kana yakin nu mana, teu apal kudu nuturkeun panceg ka saha. Ah, gening hate teh jiga angin. Sakapeung alon tiupna, sakapeung ngagelebug jiga angin ribut.
9 notes
·
View notes
Text
Kayas Kanaya Mawardhanty.
Bagèa, anaking Kayas Kanaya Mawardhanty. Alhamdulillah datang ti langit kalayan salamet nepika aisan ibu poè kemis, jam 12.35 WIB.
Salian ti mangpirang-pirang rasa syukur jeung mata nu juuh ku cipanon, tos disadiakeun ogè cisusu nu ngagolontor keur ngubaran hanaang ieu tamu nu datang ti jauhna, langsung dari sumbernyah.
Hidep tèh kado pangantènan nu kungsi dianjuk ku Gusti. Sanajan dianjuk, tapi hidep adalah kado cantik nan luar biasa, nu mampu ngahudangkeun rèbuan rasa indung nu sajatina.
Bagèa anaking Kayas, semoga betah membangun rumah bersama indung yang bagai sabana kering ini, walau kering tapi jangan khawatir ku cai, sabab geus masang paralon Rucikaa, di mana ada air mengalir sampaaaiiii jauuuh~~~~
2 notes
·
View notes
Text
Dua insan yang menghabiskan sisa hari mereka dengan perasaan meletup, rapalan tentang betapa mereka saling mencinta. Tangan saling bertaut tanpa melepas, seolah esok adalah selamanya.
Duskintherain

2 notes
·
View notes
Text
Desember 2021
Ahirna, aya nu tumuwuh dina hate urang. Tina euweuh, jadi sirung, laju karembangan. Kungsi cangcaya, naha enya hate urang teh lir sabana. Taya nu tumuwuh iwal ti rungkun jeung jukut.
Sanajan arang langka hujan, tapi taneuhna salawasna kabaseuhan.
1 note
·
View note
Text
Mun urang cape, ngomong! Mun teu ngomong batur mana nyaho urang cape. Da nu ngarasa mah urang, nu karasa mah awak urang. Balik!
Ceuk manehna nu salila ieu can pernah jadi tempat balik keur urang. Kamana wae?
1 note
·
View note
Text
Hampura Tumblr, ayeuna geus langka ngotret. Malah kungsi di uninstal heula sababaraha lila. Sabab urang era, tiheula boga jangji bakal datang ngotret deui lamun geus bagja.
1 note
·
View note
Text
Aku suka sekali hujan. Aku bisa saja menamai anak-anaku kelak dengan nama seperti Amaya, Misty, Megha, atau Nira. Tapi, aku takut anakku tidak menyukainya. Bisa saja, ketimbang menyukai hujan seperti ibunya, dia lebih suka matahari seperti ayahnya.
1 note
·
View note